
Diajengkeun
kanggo nyumponan salah sahiji pancen mata kuliah Seni Budaya dan Basa Sunda
Dosen
: Dra.Ai Nur’aini,M.Pd.

Disusun oleh :
Eggy Rizki
Intan Nur Rachmawati
Ekonomi Islam VI
SEKOLAH TINGGI AGAMA ISLAM DARUL ARQAM
STAIDA MUHAMMADIYAH
GARUT 2010/2011

A. Sajarah
Salian
ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim
aksara lianna, di antarana
- aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
- aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
- aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
- aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
- aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara
resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara
Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
B. Komputerisasi
Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna
publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti
nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2]
Salian
ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina
format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium
Unicode [3]. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina
taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.
B. Tata Tulis Aksara Sunda
Aksara
Sunda jumlahna aya 32 buah anu terdiri dina 7 aksara swara “ vocal mandiri” jeung
25 aksara ngalagena “ konsonan”.Aksara swara nyaeta tulisan nu ngalambangkeun
sora fonem vocal anu ngabogaan fungsi pikeun hiji suku kecap anu bisa nempatan
posisi awal , tengah atawa akhir kecap.Sedengkeun aksara ngalagena nyaeta
tulisan anu dianggap bisa ngalambangkeun sora fonem konsonan jeung ngabogaan
fungsi sebagai hiji kecap atawa suku kecap anu bisa nempatam posisi awal,tengah
atawa akhir kecap.Jadi,aksara ngalagena ngabogaan sifat “ logo –
silabik”,nyaeta tulisan anu bisa ngawakilan kecap tawa kalimah.Dina sistim tata
tulis aksara sunda dikenal ayana tanda vokalisasi , nyaeta rarangken atawa
tanda sora anu ngabogaan fungsi pikeun ngarobah , nambahan atawa ngaleungitkeun
bunyi vocal dina aksara ngalagena.Lambang vokalisasi anu dimaksud jumlahna 13
macam anu dina panempatanana dibagi 13 kelompok,diantarana 5 rupi ditempatkeun
di luhur aksara dasar,3 rupi ditempatkeun
di handap aksara dasar anu masing – masing dibagi deui jadi :
ü Hiji rupi ditempatkeun di palebah
kenca aksara dasar
ü Dua rupi ditempatkeun di palebah
katuhu.
Sajabi ti eta,aya oge lambang – lambang
bilangan mangrupa angka dasar nu ngabogaan nilai hitungan di angka nol nepi ka
angka salapan.
C. Susunan Aksara Sunda
Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:
- aksara ngalagena
- vokal mandiri
- aksara swara
- tanda baca
- angka
C.1 Aksara Swara
C.2 Aksara
Ngalagena
C.3 Rarangkén
Dumasar kana patempatanana, 13
rarangkén dibagi jadi:
- rarangkén luhur = 5 rupa
- rarangkén handap = 3 rupa
- rarangkén sajajar = 5 rupa
a. Rarangkén luhur
![]() |
panghulu, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /i/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
pamepet, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /e/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
paneuleung, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /eu/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
panglayar, nambahan sora /+r/ kana sora asalna
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
panyecek, nambahan sora /+ng/ kana sora asalna..
Contoh:
![]() ![]() |
b. Rarangkén handap
![]() |
panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /u/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
panyakra, nyalusupkeun sora /+r/ kana sora asalna. Sora panungtung
bisa dirobah ku rarangkén séjénna.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
panyiku, nyalusupkeun sora /+l/ kana sora asalna. Sora panungtung
bisa dirobah ku rarangkén séjénna.
Contoh:
![]() ![]() |
c.Rarangkén sajajar
![]() |
panéléng, modifies Ngalagena vowel /a/ jadi /é/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /o/.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
pamingkal, nyalusupkeun sora /+y/ kana sora asalna. Sora panungtung
bisa dirobah ku rarangkén séjénna.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
pangwisad, nambahan sora /+h/ kana sora asalna.
Contoh:
![]() ![]() |
![]() |
patén atawa pamaéh, ngaleungitkeun sora /a/ aksara
Ngalagena.
Contoh:
![]() |
Angka
Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.Contoh: |



Ladrang
Aya
hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.
DAFTAR PUSTAKA
- Juniarso Ridwan : Perda Kebudayaan yang Terkesan Chauvinistik, Pikiran Rakyat 4 Desember 2003.
- Tedi Permadi : Aksara Sunda dan Soal Lainnya, Pikiran Rakyat 15 Februari 2004.
- Atep Kurnia : Jasa Tuan Hola Buat Sunda, Kompas (Edisi Jawa Barat) 10 November 2007.
- Djasepudin : Memasyarakatkan Aksara Sunda, Kompas (Edisi Jawa Barat) 07 April 2007.
- www.wikipedia.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar